Powered By Blogger

Rabu, 22 Juni 2011

Praktek Pidato Basa Sunda


NAMA        :  IMAN ROHIMAN
KELAS        :  XII IPA 3
TUGAS       :  UJIAN PRAKTIK BAHASA SUNDA

Assalamualaikum warohmatullohi wabarokatuh
Bismillah alhamdulillah wassolatu wassalamu ala rosulillah waala alihi waashabihi wamawalah, ashadualla illa ha illallohu wahdahula sarikalah, waashaduanna muhammadan abduhu la nabiya ba’dah.
Bapa pupuhu sakola anu kusimkuring dipihormat, bapa sinareng ibu guru anu kusimkuring dipihormat, bapa sinareng staf tata laksana aku kusimkuring dipihormat, langkung tipayun hayu urang sadaya manjatkeun puji sinareng syukur ka hadirat Allah SWT, anu mana atos masihan mang pirang-pirang kanikmatan. Nikmat jasmani, nikmat rohani, tur nikmat anu teu ka etang rupina. Kukitu urang sadaya tiasa riung mumpulung dina ieu majlis.
Shalawat miwah salam, mugia kahatur ka junjunan alam habibana wanabiyana Muhammad SAW, sareng kaluargana, sohabatna, tabiin sinareng tabiatna, tug ka urang sadaya salaku umatna, mugia urang sadaya aya dina panangtayungan Allah SWT. Amien
Kabersihan anu aya dina lingkungan sakola rupi-rupi jenisnya, nyaeta kabersihan lingkungan kelas, kabersihan lingkungan sakitar sakola, tur kabersihan diri lan awak urang sadaya. Kabersihan mutlak kedah digaduhan ku urang sadaya, anu mana kabersihan tiasa ngajagi diri dina sagala rupi gangguan anu tiasa ngarusak kana diri urang sadaya, gangguang kabersihan seueur rupina nyaeta, aya demam berdarah, cacar, panu,ISPA, tur rupa-rupa gangguan kabersihan anu ngaruksak kana kasehatan diri urang sadaya.
Kabersihan teh sanes ngan saukur di lungkungan sakola, kabersihan kedah dijaga dina sagala rupi tempat, mulai tina tempat urang mondok, sakola, masjid, tur lingkungan dimana urang nempatan. Kabersihan anu kedah dijaga nyaeta nu utamina kabersihan diri urang sadaya. Kabersihan diri urang tiasa ditingali tina karapihan acuk, tur sagala rupi anggoan anu aya dina awak urang.
Kabersihan lumangsung aya dina kahirupan urang sapopoe, dimana kabersihan kedah dijaga, dimana urang aya, pasti didinya kedah bersih, kusabab kabersihan sabagian tina iman, sakumna hadits ieu dihandap.
ﺍﻟﻨﺎﺿﻔﺔﻣﻨﺎﺍﻷﻳﻤﺎﻥ
Nu hartosna, kabersihan nyaeta sabagean tina iman.
Kukituna urang sadaya salaku umat islam kedah ngajagi kabersihan sagala rupi anu aya hubungana sarenga kahirupan urang.
Ayeuna urang tingali nagara-nagara anu aya di dunya, nagara lain atos ngutamikeun kabersihan, warga masyarakat tos nerapkeun disiplin anu luhur dina kabersihan, miceun sampah dina tempatna, miceun limbah teu sakahayang, miceun bahan organik sinareng anorganik dipisah sangkan bahan organik tiasa didaur ulang, supados tiasa janten pupuk anu diperyogikeun ku tutuwuhan, sangkan bahan anorganik tiasa dibeuleum lantaran bahan an organik hese pisan dina leungitna, upami teu dibeuleum bahan anorganik moal tiasa leungit 100 taun lamina. Kumargi kitu bahan anorganik kedah dibeuleum sangkan tiasa leungit.
Kabersihan di sakola urang kedah dijaga, parantos disadiakeun ku bapa wakasek sarana sinarenga prasarana tong sampah anu gunana dianggo kanggo tempat miceun samph, supados sakola urang sadaya tiasa janten sakola anu bersih.
Tugas-tugas warga sakola nyate piket saatosna urang sadaya rengse diajar, namung buktosna urang sadaya salaku murid sakola, kalahka ngaleupaskeun tina tanggung jawab mersihkeun ieu sakola.
Sakola anu bersih, nyaeta sakola dambaan urang sadaya, upami sakola bersih, urang tangtuna tiasa betah cicing di sakola, urang betah diajar, teu aya kacium aroma anu teu raos kanggo dicium, pasti prestasi kana diajar ningkat kusabab tempat urang diajar parantos nyaman.
Upami kelas anu ku urang ditempatan kanggo diajar kalalotor, tos pasti urang diajar teu raos, bararau, tur teu nyaman upami ku urang sadaya ditempatan. Kukituna urang salaku siswa hayu urang sadaya jaga sakola kabanggaan urang sadaya, parantos aya GDN (Gerakan Disiplin Nasional) anu buktosna parantos ngadamel struktur kelas, jadwal piket mingguan, jadwal piket harian, tur nu sanensna. Sadayana atos ngagauhan tugas, tujuan, sinarenga fungsi masing-masing anu kedah dijalankeun dina eta kagiaatan Gerakan Disiplin Nasional.  
Kabersihan anu kedah ku urang dijaga kedah dilaksanakan ku urang sadaya sangkan kahirupan urang sadaya di dunya tiasa tengtrem tur ayem, kajagi kasehatan diri tur awak urang, kahindar tina sagala rupi gangguan, nyaeta gangguan jasmani tur gangguan rohani.
Kabersihan nu kedah dijaga sanes ngan saukur kabersihan di lingkungan sakola, lingkungan sakola mutlak kedah bersih sapopoena, kusabab nyangkut kana kanyamanan urang sadaya dina diajar, saluran irigasi nua aya di sakola kedah bener suados cai anu ngalir lancar tiasa kapiceun kaluar. Kabersihan di lungkungan tempat dimana urang aya oge kedah bersih. Contona di lingkungan imah, nyaeta kedah aya saluran irigasi, saluran pamiceunan limbah, tur sadaya nu sanensa, unggal poe juma’ah di kampung-kampung sok diayakeun jum’at bersih, sangkan lingkungan kajaga kabersihana kagiatan eta mutlak rutin kudu dilaksanakeun.
Sakali deui kabersihan mutlak kedah ku urang dijaga sangkan kajagi rasa kanyamanan, tur kabersihan di sagala lingkungan urang sadaya.
Sakitu nu kapihatur, bilih aya tutur saur nu teu luyu, ucap kata nu teu merenah dina manah mugia tiasa dihapunten. Billahitaufik wal hidayah wasalamualaikum warohmatullohi wabarokatuh.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar